#Di hiji kampung , nu ngarana kampung Balakaciprut , aya sakumpulan budak bangor.
Kumpulan eta geus katelah sa kampung Balakaciprut . Tapi aya oge 2 budak
anu bageur , sok nulungan batur , padahal eta 2 budak lain asli urang
Balakaciprut . Hiji mangsa 2 budak anu bageur keur leumpang , aya budak
nu keur diuk lungse .
--------------
Mae : Neng nuju naon ? katingalina jiga anu cape ?
Eneng : Eh teteh gening terang nami abi eneng ? muhun abi teh cape , papah sa dinten teu eueut sareng emam .
Mae : Lah si eneng , ari ka istri mah biasa abi osok nyebat eneng .
Nina : Muhun leres , atuh ngiring yu sareng abdi 2 an , urang ka warung meser emameun
Eneng : Ah alim ngarepotkeun teh .
Nina : Heunteu ih hayu . Oh enya nami abi Nina , tong nyebat teteh , Nina we
Mae : Muhun , abi Mae
#Pek teh torojol geng bangor nu namina geng Bakekok
Udin : Euleuh euleuh nuju naraon ieu bule ?
Mae : Eh punten nyebat bule ka saha ? ka abi ?
Ucup : Nya enya lah saha deui didieu nu lain budak kampung Balakaciprut ?
Nina : Oh tapi sebat abi Nina wae a . Sareng ieu rerencangan abi Mae . AA sareng teteh saha ?
Duyeh : Euleuh teu apalleun ka urang geng . Kenalkeun preman kampung Balakaciprut , alias urang ketua Rt na , Duyeh !
Siti : Haha urang anak buah nu ka hiji , Siti !
Udin : urang lalaki pang kasepna didieu , Udin !
Ucup : Bae din maneh kasep urang mah , imut . Si Imut Ucup !
Duyeh : Kela , ari eta jalma saha ? lain budak balakaciprut lin ?
Mae : Muhun sanes , ieu Eneng , karunya teu acan emam sadinten , Yeh urang patungan yu ?
Duyeh : Eh paduli teuing , manehna ieuh nu lapareun mah . Kade we , mun
maraneh di alus2 ku rahayat kampung ieu , maneh moal tenang !
Siti : Bener ceuk si Boss , jeung unggal poe maneh kudu mayar pajak , sabaraha cup ?
Ucup
: Kela , di itung itung mah (sabari ngitung make kalkulator) maraneh
teh budak anyar , jadi di bere diskon , mayar sapoe teh 2000 saurang .
Udin : Hiis ari si ucup ngitung teh kumaha ? Anyar ongkoh diskon naha leuwih gede ti biasa na ?
Duyeh : enya kumaha sih ?
Geng
Bakekok keur ngaributkeun masalah duit pajak , sedengkeun bakat si
eneng geus leuleus , si Mae jeung Nina mah mabur ka warung.Duyeh jeung
babaturan na , karek nyadar pas geus euweuh si eneng .
Duyeh : eh heup heup heup , kela si Nina geus areuweuh , da maneh mah kumaha
sih . Make ribut ngurusan duit . Geus we sina mayar 1000 sapoe .
Ucup : ari si boss kumha , lain bebeja titadi atuh . geus ayeuna kumaha ieu ?
Siti : ek di udag , ek balik wae ?
Udin : Bodor pisan Sittiiii . moal guna urang ngudag , da geus euweuh jalma na ge , geus urang tagih barudak sejen heula .
#Di lain tempat , di warung na Ceu Mimin , Medina , jeung Nina mesen dahareun .
Nina : Ceu mesen endog kulub , ngangge tempe tahu , sareng sangu na kade nya .
Ceu Mimin : Sip lah neng , bade sabara hiji ?
Mae : 2 we , lapar Ceu
Nina : Ih ka sobat teh koret pisan !
Mae : Oh Nina teh hoyong /
Nina : nya muhun atuh hoyong . Janten 3 nya ceu , kade diskon nya ?
Ceu Mimin : Eh naon ngangge diskon sagala , teu ah !
Enang : Ceu nu geulis , bageur , diskon atuh ceu
Nina : Muhun Ceu Mimin anu geulis , nu bageur , nu soleh , nu rajin nabung , diskon nya Ceu ?
Mae : Lamun teu diskon abi bade pindah ceu ?
Ceu Mimin : Isss ulah atuh nya hok lah di diskon , kela tungguan nya
Mae+Nina+Eneng : Nuhun Ceu Mimin J
# Ceu Mimin ngan ukur seuri , tuluy ngajieunkeun pesenan budak nu 3 . Naha jol the geng Bagbigbug .
Duyeh : Maranehnya , wani na ngan kabur we ! Dasar jelema !
Mae : Nya enya lah , emang urang jelema , emang maneh naon ?
Siti : Eh ngalawan wae ka boss urang jalma teh !
Nina : Tos Mae tong di uruskeun jalma kitu mah , tos calik .
(Mae diuk)
#Pek teh torojol Bapa na Duyeh
Bapa : DuyehIpeh lain bantuan si ema di dapur , ulin we jeung ulin , leuheung ulin na teh alus , ieu mah ngajieun ribut wae
Duyeh : Naon atuh pa , pajak can ditagihan kabeh pa ,
Siti : Muhun Pak Ujang pajak can di tagihan
Bapa : Ari barudak , eling eling , nagih pajak ka saha ?
Ucup : Ka barudak nu ngaliwat pa
Bapa : Astagfiruloh , aya aya wae , dosa yeh eta teh dosa .
Ceu Mimin : Aya naon ieu teh ? karek ge di tinggalkeun mawa rencang ?
Bapa : Heunteu ieu budak , si Duyeh bangor kacida .
Ceu Mimin : Teu kedah di taros kang , emang geng bakekok mah tos janten artis Balakaciprut
Udin : Nya enya atuh , Bakekok tea .
Eneng : Atos ah , abi emam ti payun nya .
Bapa : Eneng ? eneng ti mana ?
Eneng : (ngahuleng) bapa ? bapa Ujang ? aeh bapa
Duyeh : eh bapa saha si eneng ? pembantu anyar ?
Bapa : Hiss ulah kitu , ieu teh budak na si mang Rojak
Duyeh : ieu si neng gendis ?
Eneng : Ieu teh Duyeh surayeh ? meni beda ? naha jadi bangor ?
Mae+Nina+Udin+Ucup+Siti+Ceu Mimin : Teu ngiringan , di antepkeun!
Bapa : Oh punten , geus lah yeh , neng yu balik , ke ngobrol na di imah
Eneng : Titadi atuh , abi tos papah sadinten teh , alhamdulilah aya hasilna
Duyeh : embung balik Duyeh mah pa ,
Bapa
: Balik ! tong cicing didieu , eh meakeun sabara duit atuh , unggal poe
indung2 babaturan nu ku Duyeh di palak datang ka imah wae nagih duit !
Balik !
#Bapa
, eneng jeung Duyeh balik , sabari si ipeh mah balik na di bebetot.Di
warung Mae jeung Nina tuluy diuk deui ek ngadahar , dahareun nu di
sadiakeun ku Ceu Mimin . Geng bagbigbug ngadelekan tuluy indit
ninggalkeun warung.Saeunggeus na eta dahareun beak , Mae jeung Nina
tuluy indit . Isuk na keur si Mae jeung Nina leumpang , aya nu ngaliwat
lalaki . Lalaki eta nanya
Guntoro : Eh punten upami bumi Ceu Hindun palih mana nya ?
Nina
: Aduh punten pisan , abdi ge nembe ngalih , janten teu teurang . Atuh
kumaha upami ngiring sareng abdi ka warung payun , urang taroskeun ?
Guntoro : Oh teu ngarepotkeun ieu teh ?
Mae : Heunteu tos janten kawajiban nga bantu mah . oh muhun , aya naon ka Ceu Hindun ? Sigana ti jauh ?
Nina : Muhun ka tinggali na cacandakan na seueur ?
Guntoro
: Muhun abi ti jawa . Abdi teh di piwarang bapa ka bumi Ceu Hindun
masihkeun tas pesenan Ceu Hindun , tapi abdi hilap alamat pas di kampung
ieu teh naon
Mae : Naha tas na seueur ? atanapi ieu tas nu ageung nu di pesen teh ?
Nina : Yu sabari papah ngobrol na . ( Maranehna leumpang ka warung)
Guntoro : Heunteu sanes tas ageung ieu , tapi anu aya dina tas ieu , abdi the sakantenan bade ka Jakarta.
Mae : Oh muhun atuh , eh calik heula , ieu warung na
Mpo Mimin : Euleuh ieu budak 2 nu geulis nyandak budak kasep , saha na ?
Nina : Ieu teh nu bade ka bumi Ceu Hindun , kan abdi teu teurang janten bade naroskeun heula ka Euceu
Mae : Muhun ceu , dimana bumi Ceu Hindun teh ?
# Pek the datang barudak geng Bakekok
Siti : Eits geuning aya
, karunya ih budak keneh geus titah mayar pajak , Duyeh deuih leutik leutik tukang malak
Duyeh : Repeh lah ceu , urusan preman mah kieu
Ceu Mimin : Geulis geulis kieu
Gutoro : Atos atos , aya naon ieu ? emang di kampung ieu kedah bayar pajak ?
Mae : Heunteu , ieu mah biasa budak bangor
#Pek the datang Ceu Hindun
Ceu Hindun : Aeh barudak nuju ngumpul , J . Ceu Mimin pecel na 2 bungkus nya ,
Ceu Mimin : Sip Ceu hindun
Duyeh : si ema ngaganggu wae , kamari si bapa , ayeuna ema
Mae : Kela , Euceu , euceu the ceu Hindun ?
ceu Hindun : Muhun neng aya naon ?
Guntoro : Oh ieu , ceu ieu tas ka titipan bapa ti Solo ,
Mpo Hindun : Oh ieu teh budak na kang Rojak ?
Guntoro : Muhun ceu J , Oh ceu , rai abi aya didieu ?
Ceu Hindun : Si eneng ? muhun aya , saurna kabur ?
Guntoro : Muhun ceu , biasa lah si eneng teh hoyong ngiring sareng abi ka jakarta , ulah saur bapa janten kabur kadieu , tapi ayeuna ku abi bade di ajak ka Jakarta da ceu .
Ceu Hindun : Oh muhun hayu atuh . Peh ke candak pecel ka bumi keun
# Titadi nui lain na ngan molohok nempokeun ngobrol Guntoro jeung Ceu Hindun
Mae : (Ngagorowok) Eh saha nami ?
Guntoro : abi guntoro
Nani : oh ……
Duyeh : eh eh eh , bayar siah pajak
Mae : ari sugan geus poho !
Ucup : bAyar 4000 2an . da jeung nu kamari acan
Nani : Yeuh ath , Ya alloh mugi mugi ieu geng Bagbigbug tobat , amin J
Mae : Amin J
Udin : Geus lah , urang damai yu ?
Ucup : (ngepret) Udin ? ngimpi teu ?
Udin : Si ucup gelo , naon urang di kepret ?
Siti : maneh naon menta damai ? ngimpi teu ?
Duyeh : Si udin sarap da , menta damai , sadar teu eta ngomong ?
Nani : Watir ih ,
Udin
: Urang sadar ngomong eta , ayeuna mah nanaonan urang pasea wae , majeg
wae , geus bosen indung urang di tagih wae , gara2 duit budak na di
pajeg ku urang . Geus urang damai
ceu Mimin : Bener ceuk si Udin damai lah hok
Ucup : Enya sih , Ucup ge geus lieur ngitung wae pajak . Kalkulator na geus pejet , jadi damai we
Udin : Boloho , damai teh ulah karna kalkulator pejet atuh
Siti : Enya sih , mening damai
Duyeh : embung urangmah , teu hayang teuing
#Torojol Guntoro+Eneng+ceu Hndun+ Kang Ujang
Bapa : Aya naon ieu ?
Mae : ieu udin , ucup siti mah hoyong damai , tapi Duyeh alimeun ,
Guntoro : Peh teu kenging kitu , Ipeh tos ageung maenya bade pasea
Duyeh : gandeng lah.
Ceu Hindun : Peh , damai peh , ayeuna kan bade ka jakarta
DuyehIpeh : Saha nu ka Jakarta ? erek naon ?
Guntoro : Urang calik diditu , aya bumi kosong di Jakarta ,
Eneng : enya peh , ke urang ameng bareng
Ceu Mimin : Muhun , mening damai sa teu acan ninggalkeun Balakaciput
Eneng : Muhun peh , hok damai nya ,
Duyeh : Nya atuh , punten nya abdi seueur salah ka sadayana , abi tos bangor
, nuhun ka Mae , Nina , Eneng sareng Guntoro abdi ayeuna tiasa damai
sareng sadayana . Sateuacan abdi ninggalkeun Balakaciput abdi aya pesen ,
cup kade nya tong hayoh we kana kalkulator , Siti tong centil teuing
nya , Udin tong bobo wae , eneng ke ameng nya ,
Mae : Muhun peh ku abdi tos di maafkeun ( nangkeup Ipeh)
Nani : Muhun , namina ge jalma ya hilap na ( nangkeup ipeh)
Eneng : ( nangkeup ipeh )
Siti : ( nagkeup ipeh )
Mpo Mimin : ( nangkeup ipeh )
Mpo Hindun : (nangkeup ipeh )
Ucup+Udin : abi kumaha ?
Ipeh : Naon ?
Ucup+Udin : Nangkeup saha ?
Siti : Tatangkeupan tuh jeung Pa Ujang jeung Guntoro
Ucup+Udin+ Pa Ujang jeung Guntoro : ( tatangkeupan )
Mpo Mimin : tos ayeumah tong aya pasea nya , Hirup rukun
Mae+ Nani+ Eneng+ Siti+ Mpo Hindun +Ucup+Udin+ Pa Ujang jeung Guntoro : DAMAI
# Ayeuna mah di kampung Balakaciput teu aya istilah preman , sadayana hidup rukun .


